watch sexy videos at nza-vids!
PG
| kumpulan status via | tips dan trick | html javascript | aplikasi s60v3 | s60v5 |
KABAR BERITA TERBARU
Tags: paribasa sunda

PARIBASA orang sunda dan artinyah

kumpulan peribahasa orang sunda

Kumpulan Paribasa Sunda dan Artinya


Paribasa nyaeta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh entep seureuhna, geus puguh surupannana geus puguh pokpokannana.

  • Adat kakurung kuiga
    Tabeat nu geus hese dirobahna. (Tabiat yang sulit dirubah)

  • Adean ku kuda beureum
    Ginding ku barang batur atawa ku barang meunang nginjeum. (Menyombongkan barang pinjaman atau barang orang lain)

  • Agul ku payung butut
    Jalma taya ka boga, tapi mindeng nyaritakeun yen manehna turunan menak. (orang miskin tapi sering menceritakan bahwa ia keturunan bangsawan jaman dulu)

  • Alak-alak cumampaka
    Niru-niru atawa mapadani saluhureun boh dina kalungguhan, kakayaan atawa pendidikanana. (Selalu meniru-niru orang yang lebih darinya baik kekayaan atau pendidikan)

  • Ngudag-ngudag kalangkang heulang
    Miharep perkara anu samar kalaksanakeun. (Mengharap sesuatu yang tidak mungkin terkabulkan)

  • Pangirang-girang tampian
    Pada hayang punjul di batur, teu daek sauyunan, teuk daek silih tulungan. (Semuanya ingin menjadi yang paling berhasil, tidak mau saling membantu)

  • Pindah cai pindah tampian
    Ngaluyukeun diri jeung adat kabiasaan di pangumbaran. (Menyesuaikan diri dengan adat kebiasaan di perantauan)

  • Pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu pecak
    Hayang nu leuwih alus kalah meunang nu goreng, nu sok pipilih teuing akhirna kapaksa kudu nerima nu leuwih goreng. (Krena menginginkan yang terbaik dan terlalu banyak memilih akhirnya akan mendapatkan yang lebih jelek daripada yang sempat ditolak)

  • Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
    Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina. (Menginginkan sesuatu yang tidak layak untuk dirinya)

  • Sapu nyere pegat simpay
    Paturay, nu asalna babarengan tuluy papisah kulantaran pindah tempat. (Setelah lama bersama akhirnya berpisah karena pindah tempat)

  • Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku
    Digawe nyiar kipayah, kalawan meakkeun tanaga jeung pikiran. (Bekerja keras untuk mencari nafkah)

  • Tamiang meulit ka bitis
    Malindes ka diri sorangan (kalakuan goreng). (Perbuatan buruk akhirnya mencelakakan diri sendiri)

  • Uyah mah tara tees ka luhur
    Sipat anak sok ngala ka indung bapana. (Sifat anak tidak akan jauh berbeda dengan orang tuanya)

  • Bisa ka bula ka bale
    Bisa cmapur jeng jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes. (Bisa bergaul dengan saiapa saja dan bekerja apa saja)

  • Bubu ngawaregan cocok
    Mere nasehat atawa nyien aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan. (Memberikan ansehat atau aturan yang menguntungkan diri sendiri)

  • Buruk-buruk papan jati
    Sanajan ngewa (ambek) ka dulur sorangan nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu waleh hayang nulungan atawa ngahampura kasalahannana. (Biarpun benci kepada saudara tapi selalau ingin menolong bila ia dalam kesusahan)

  • Caina herang laukna beunang
    Hasil maksud teu karana matak nyeri kana hate batur atawa henteu karana nimbulkeun pacekcokan. (Maksud tercapai tanpa menimbulkan perselisihan)

  • Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa
    Ku sabab dibere hate, ngadadak loba pamentana. (Karena diberi hati, akhirnya jadi banyak permintaan.)

  • Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur
    Ngalindeukan lanjang pipamajikaneun ti leuleutik, ari geus meujeuhna dikawin kop ku batur. (Menunggu dari kecil setelah besar diambil orang)

  • Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan, tapi hate jelema najan deet teu kakobet
    Nyaho kahayang atawa eusi hate jelema kacida hesena. (Mengetahui isi hati orang itu susah sekali)

  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
    Kahadean anu geus aya jamanna, bisa leungit atawa musnah ku kagorengan sakali. (Kebaikan-kebaikan yang dilakukan akan hilang dengan sekali kesalahan)

  • Kabeureuyan mah tara ku tulang munding tapi ku cucuk peda
    Nu matak cilaka teh biasana ku lantaran mokahaan tina urusan leutik. (Kecelakaan biasanya disebabkan oleh hal-hal sepele)

  • Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak
    Layeut, sauyunan, runtut raut. (Akur, seia sekata) Ka

  • Kaciwit kulit kabawa daging
    Kabawa goreng ku kalakuan baranya anu salah atawa ngarasa milu teu ngeunah lantaran aya baraya anu dihina batur. (Nama baik keluarga tercoreng karena kelakuan salah satu anggotanya)

  • Back to posts
    Comments:
    [2015-06-08 15:45:15] yx recipes:

    Post a comment


    SEO Stats powered by MyPagerank.Net
    On: 1 | hari: 3 | total: 75195
    dulayex™ ciamis-jawa barat

    All rights reserved